Calon Media Online SALIRA ID – Lur, ieu Conto Serat Uleman Kanggo Acara Pangaosan anu dipatalikeun sareng Isra Mi’raj.
Mugia aya manfaatna kanggo sadayana. Amin.
DKM & MAJELIS TA’LIM AL-IKHWAN
Kp. Leuwiseeng, Desa Sukaherang, Singaparna
ULEMAN
Pangaosan anu dipatalikeun sareng memperingati Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW
Kahatur Bpk/Ibu/Pemuda/Pemudi
di Leuwiseeng, Panyalahan sareng sabudeureunana
Assalaamu ‘alaikum Wr. Wb.
Bismillah Alhamdulillah, Wassolaatu wassalaamu ‘alaa Rasulullah SAW, wa ‘alaa aalihi wa sohbihii ajmaiin.
Ngalangkungan serat ieu, Pengurus DKM & Majelis Ta’lim Al-Ikhwan, Ngulem ka sadayana para Bpk/Ibu/Pemuda/Pemudi kanggo sumangga diantos hadirna kana Acara: Pangaosan anu dipatalikeun sareng memperingati Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW.
Insya Allah, badé dilaksanakeun dina:
Dinten : Saptu
Kaping : 05 Maret 2022
Waktosna : Ti ngawitan tabuh 13.00 dugi ka réngsé
Tempat : Masjid Al-Ikhwan, Kp. Leuwiseeng, Desa Sukaherang, Singaparna.
Penceramah : Bapak Aj. Aa Permana (Sesepuh di Masjid Jamie Nurul Iman Leuwiseeng)
Mugia satiap léngkah para Bpk/Ibu/Pemuda/Pemudi sadayana nuju ka tempat acara pangaosan ieu dicatat janten Amal Sholeh. Amin.
Kana perhatosan sareng kasumpinganana dina waktosna, hatur nuhun.
Wassalaamu’alaikum Wr.Wb.
a.n
Pengurus
DKM & MAJELIS TA’LIM AL-IKHWAN