Calon Media Online SALIRA ID – Mugia katampi kalayan kabingahan (F)
- Awewe lalaki Loba nu dicukur
- Nu taraweh tinggal sabaris
- Kaca imah dielapan
- Di Jalan beuki macet loba kendaraan
- Di imah loba kueh, tapi teu menang waka didahar, kajaba nu tutungna
- Kaleng Khong Guan eusina geus robah, jadi opak atawa ranginang
- Sahur beuki hoream
- Jelema mulai jaragjag da loba nu teu puasa.
- Baju dulag nungtut d belian
- Caritana sagala mararahal tapi anggeur we dibareli
- Nu geus meuli baju diajaran sapoe 3x
- Buuk ngadadak nu galing ge jadi lalempeng
- Bulu mata di tarambahan deui buluna da dek lebaran bisi aya kebul jalan asup cenah
- Waos dipageur da ngajaga bisi aya dosa nu asup deui pokna teh
- Tadarus beki hoream lain maca Al-Qur’an tapi kalah ka macaan postingan kawas nu maca carita ieu.